Mikawanoh Warisan Budaya Sunda Oleh: Nia Nurkhairani s.pd Warisan budaya sunda seeur ragamna, salah sahiji na nyaeta alat musik tradisional angklung. Angklung mangrupikeun alat musik tradisional Sunda anu dijieun tina […]

Mikawanoh Warisan Budaya Sunda

Oleh: Nia Nurkhairani s.pd

Warisan budaya sunda seeur ragamna, salah sahiji na nyaeta alat musik tradisional angklung. Angklung mangrupikeun alat musik tradisional Sunda anu dijieun tina bahan dasar awi, diwangun tina 2-4 tabung awi anu dirangkai ngahiji dibeungkeut ku hoe. Tabung awi diukir jeung potong sakitu rupi kanggo ngahasilkeun nada nu tangtos, sabot bingkai awi digoyangkeun. Angklung mangrupikeun tabung awi anu digoyangkeun, kukituna nada anu dihasilkeun tina angklung ngan ukur hiji nada tina tiap instrumenna.

Ngaran angklung eta sorangan asalna tina basa Sunda angkleung-angkleungan nyaeta gerakan pamaen angklung, sarta tisoanten klung anu dihasilkeun tina instrumen awi. Mun ditilik tina sejarahna, di daerah Sukabumi Jawa Barat aya sala sahiji prasasti taun 1930, di prasasti eta dijentrekeun yen aya pamadegan ngeunaan kana asal muasal seni angklung nu aya di masyarakat sunda. Perkara ieu nandakeun bukti budaya yen sumebarna kasenian angklung teh leuwih ngarata di daerah Jawa Barat Tatar Pasundan.

Budaya Sunda 1

Sanajan kitu, dina kanyataana aya sababaraha daerah di luar tatar sunda nu ngagaduhan alat musik sarupaning jeung angklung nu bisa dipanggihan di tradisi masyarakatna, sapertos di Ponorogo, Bali, Madura, jeung Kalimantan Barat. Ilaharna, alat musik tradisional angklung mimitina ngagaduhan pungsi keur ngiringan upacara atawa ritual nu dilakukeun masyarakat Sunda baheula. Biasana ritual diayakeun ngenaan kana tatanen, nu mangrupikeun wangun rasa sukur jeung panghormatan ka Dewi Sri.

Dina mangsa penjajahan Walanda, angklung dijadikeun alat musik nu ngabangkitkeun semangat nasionalisme masyarakat pribumi. Kukituna, pamarentah Walanda ngalarang maenkeun angklung iwal ti dimaenkeun ku barudak leutik jeung kaum buruh lantaran dianggap moal aya pangaruh nanaon.

Di jaman ayeuna mah angklung teh lain saukur dipake jang upacara atawa ritual adat wungkul. Ayeuna mah angklung teh geus dipungsikeun keur alat ngiringan rupa-rupa acara sapertos kasenian, teater, orkestra, pertunjukan kasenian tradisional nu sifatna ngahibur. Salian digunakeun dina kasenian tradisional, jaman ayeuna mah angklung teh dijadikeun media pengajaran di sakola.

Budaya Sunda 2

Tinggalkan Balasan

Your email address will not be published. Required fields are marked (required)